Kambing Melengking (lain picontoeun)

February 21st, 2007

Ambuing Anaking….
Mpah Hidep teh geuiningan
Teu kawasa ngalawan angkara zaman
:
    Kamari Mpah ka hiji kantor pamarentahan
    Guna nguruskeun serat pindah dines Emmah Hidep
    Na…. da ari urang sunda mah
    meni someah ka semah
    dilayanan Mpah teh ku imut heunceut
    teras ditaros naon ari pamaksadan bapa?
Nya.. ku Mpah teh dibeberkeun
Yen bojo Mpah hoyong ngalih dines
Sor serat panganteur ti dines Emmah nu kapungkur,
ku Mpah di pasrahkeun ka eta patugas.
    Bapa, engke dinten salasa kadieu deui nya!
    kitu walerna teh.
Euleuh, hanas Mpah tos bungah
sugan teh tiasa rengse sadinten eta
da pira ge mung hugkul peryogi ttd pa setda
geuning, kedah ngantosan saminggon
    Nya, Mpah teras mulih weh ka ibu kota
    Salasa payunna ku Mpah di telepon ka eta patugas
      " Kumaha bapa? tos rengse serat teh?"
    " Aduh, punten pa, ku pa setda na eta serat di disposisikeun ka abdi
      Janten kedah di cek heula ieu teh ka dinas terkait.. bla bla bla bla.."
      Engkin 2 dintenan deui hubungi abdi.. kitu ceunah mah
Nya, ku Mpah teh diantosan 2 wengi deui,
Ka dinten kemisna, Mpah jangjian sareng si Patugas di kantorna
sateuacanna si patugas nga-sms:
    Bapa kamari teh abdi nalagan biaya potokopi
    sareng uang roko kangge TU dines anu bla bla bla
>Muhun atuh pa petugas, ku abdi digentosan artosna,
>Janten sabawaha pa? supados raos ka bapa sareng ka abdina.
    100 rb weh… punten!




Comments RSS

Leave a Reply

Name (required)

Email (required)

Website

Speak your mind