Cideug

January 11th, 2007

Kabayan jeung urang asing

Dina hiji mangsa si Kabayan paamprok jeung Urang Asing.
Manehna diajak ngobrol ku Urang Asing tea.
Urang Asing : "Halo…what is your name ?"
Kabayan : "Oh… halo too… my name Kabayan.."
Urang Asing : "Kabayan… do you have Girl Friend ?"
Kabayan : (Bingung)
"Eu… oh… no.. I’m not umbrella…"
(oh henteu abdi teu pajeng)
Urang Asing : (Molotot) "What…..??????"

SERTIFIKAT

Hiji nini-nini datang ka Kantor Kacamatan….
Petugas : "Ni bade kamana ?"
Nini : "Eh aden nini teh bade ngadamel SERAT PIKAT…"
Petugas : "Sanes serat pikat atuh SERTIFIKAT panginten…"
Nini : "Enya eta ngadamel… SER…. SERTU PITAK……"
Petugas imut teu kuateun hayang seuri.  

HOYONG…….

Hiji bapa keur ngagandong anakna nu kakara 2 taun (ngomong na ge can bentes) dina taktakna. Manehna keur aya di Pameran Motor.
Budak : "Pa…. oyon mo’ toy…."
Bapana : "Ke jang mun geus gede…."
Budak : "Pa…. bapa oyon mo’ toy…."
Bapana : "Eh budak teh… engke mun tos ageung nya kasep…"
Budak : (rada tarik) "Bapa…… oyon mo’ toy…."
Trus ngahiliwir aya nu bau tina taktakna…..
Bapana : (rewas jeung keuheul) "Eh…. budak teh… Hayang Mosdol kituh lain motor….."
Budak : "Enya oyon mo’ toy tek ade ge…."
Bapana : "Teuing Siah ah….."

(di erat tina plasa webporum)




Comments RSS

Leave a Reply

Name (required)

Email (required)

Website

Speak your mind