terima_kasih_sang_pendorong

May 31st, 2005

Kepada para pendorong …
yang telah mendorong motor saya kemaren.
bung hafish, silvester, pak Mayor Teguh, kang Dani….

nuhun, atas dorongan moril dan motoril-nya….
tanpa anda semua. saya nggak akan bisa nganterin komputer ke rumah.

semoga amal kebaikan anda dibalas oleh yamaha honda suzuki…

seminarhariini

May 30th, 2005

Ada beberapa koreksi dari teman yang berharga.. diantaranya:
1. Slide presantasi banyak yang tidak mengikuti alur cerita
2. Saat presentasi terlalu banyak berkata eu….. eu…..
3. Salah rumus histogram equalization

thanks God i have a friends

Blackman… Engkau Idolaku

May 29th, 2005

Black_sistech

.

.

.

.

.
dari kiri ke kanan:

Dudi "Ericks" Sarifudin
Deni " Oboz" Suwardi
M. Lulu "Luluks" panjang pisan namanya.
Akhmad ‘aa’ Riqqi

Me mau Seminary

May 29th, 2005

Setelah lama menunggu… tiba juga waktu itu.

aku tak kan merayu, aku takkan mengadu.

karena binatang jalang pun bisa punya anak

anak itu bisa menjadi penjaga istana hati..

IA-Jakarta

May 27th, 2005

IA adalah pusaka 1.000.000 umat  manusia yang ada di Indonesia.
IA ITB, cabang jakarta…. ngadain pemilihan ketuanya kemarin.
tapi cukup menyedihkan keadaannya, banyak yang tidak sesuai dengan hati nurani.
mungkin ini lah penyebab kehancuran di negeri ini.
ketika kedudukan dikejar…

kesalahan pendidikan kita adalah: tingginya toleransi pada kesalahan…

MANGE-ONLINE DOT COM

May 26th, 2005

Ngajegang
Neneng: "Pa Pulisi, tulungan abdi."
Pulisi: "Aya naon ieu teh?" Neneng: "Abdi dipaksa kedah ngajegang!"
Pulisi: "Ku saha?" Neneng: "Ku tukang ojeg!"
Tk. Ojeg: "Upami teu ngajegang, abdi teu tanggel jawab upami geubis, margi jalanna garinjul!"
Pulisi: "Turut. Hayoh ngajegang!" (Dindin Fahrudin - Bandung)

TURUT MENGANDUNG
Pa Camat ambek-ambekan. Anjeunna ngadamel serat ondangan pernikahan putrana nu istri. Ari luhurna mah bener, ngan ka handapna aya kecap nu salah citak. Kuduna turut mengundang, ari ieu kalah turut mengandung!
(Dindin Fahrudin - Bandung)

GALAK DULANG
Budak 1: "Eta mata mani barareuh. Geus ceurik, nya?"
Budak 2: "Heueuh. Disiksa ku indung tere."
Budak 1: "Ari sirah ku naon diperban?"
Budak 2: "Apan getihan. Teu kira-kira geura … dulang ditakolkeun kana sirah!"
Budak 1: "Karunya teuing. Nu kitu meureun nu disebut galak dulang teh …"
(Dindin Fahrudin - Bandung)

DOKTER
Dokter Umum: "Euleuh, itu aya awewe gelo ditaranjang!"
Dokter Jiwa: "Teu aneh!"
Dokter Kandungan: "Pikeun kuring mah leuwih teu aneh!"
(Nia Kurniawati - Bandung)

GANDA
Uneh: "Tuh,awewe itu mah salakina dua."
Anah: "Piraku. Saha salakina?"
Uneh: "Ganda!"
Anah: "Cenah dua."
Uneh: "Enya, dua teh pan ganda,lin?"
(R. Eva Z. Gemilang - Bandung)

LIEUR
Wartawan: "Dupi saderek Calon Presiden ti partey mana?"
Bapa: "Kahoyong mah dicalonkeun ku sadaya partey."
Wartawan: "Dupi nu nyalonkeun saderek tos sabaraha partey?"
Bapa: "Teu hiji-hiji acan!"
Wartawan: "Nyaan lieur!"
(Tehas FB - Bandung)

BANGIR
Nonon: "Abdi mah boga kabogoh teh hoyong ka nu bangir pangambungna!"
Neneng: "Aya, jaba jangkung badag."
Nonon: "Asiiik …! Saha?"
Neneng: "Gajah!"
(Tetty Erhas - Bandung)

DAYA TARIK
Utun: "Ari daya tarik Saddam Husain dina naonna nya euy?"
Atan: "Dina kumisna!"
Utun: "Ngaco. Da lamun daya tarikna dina kumis mah, mun salambar kumisna dibetot, pasti ngagorowok."
Atan: "Terus, daya tarikna dina naon atuh?"
Utun: "Pasti dina leungeunna!"
(Tehas FB - Bandung)

BALE-BALE
Wanci balebat, ti Bale Endah kuring leumpang muru Bale Kota. Ti Bale Kota balik deui ka Bale Endah. Nempo jam, aya keneh waktu. Gidig deui ti Bale Endah ka Bale Kota. Teuing sabara balikan bulak balik ti Bale Endah ka Bale Kota. Tepung wanci balebat, ti Bale Kota geus nepi deui ka Bale Endah. Haduh capena. Kuring istirahat dina bale-bale. Kieu ari nasib nu bingung teu boga gawe.
(Oskar Sholehudin - Bandung)

SUGAN TEH
Nini: "Kaduhung Nini mah teu nurut ka kolot. Baheula kolot Nini sok mamatahan, tong diuk dina lawang panto cenah."
Ocin: "Sok nongtot jodo, nya Ni?"
Nini: "Ih, lain. Sok kabadug ku nu lalar liwat. Da jeung enyana, yeuh tenjo awak Nini mani gareuneuk kieu."
Ocin: "Geuning ayeuna ge bet calik wae dina lawang panto atuh, Ni!"
Nini: "Kagok bariru awak. Pek we baradugan kainyah!"
(R. Ajeng St. Hadami - Bandung)

BUAYA
"Bapaaa … geuning kabogoh abdi teh buayaaa …!" Neneng ngagauk, ceurik na lahunan bapana.
"Sukuran anaking. Hese boga kabogoh buaya teh. Buaya mah kulitna ge mahal. Dagingna payu ka restoran!" ceuk bapana.
(Titin Kurniawati - Bandung)

MAUNG LAPAR
Sakadang Maung kabur ti Kebon Binatang. Manehna lumpat terus nyumput di taman kota. Teup, neuteup sato uncal nu ranggaek, dangah di tengah-tengah taman kota. Sakadang Maung kumetap. Sebrut uncal ditarajang. Jedak!Goak, Sakadang Maung ngagoak. Huntu jeung sihungna potong.
Teu neuleu atuh, Belang. Patung uncal ditarajang!
(R. Denny Has FB - Bandung)

GAGAL
Barun: "Si Bonang ngamuk. Paparabotan imahna kabeh ancur!"
Kosim: "Pedah naon cenah?"
Barun: "Manehna teh boga cita-cita hayang jadi jalma nu sabar tawekal, tapi gagal. Ku sabab keuheul teu bisa jadi jalma nu sabar tawekal, nya ngamuk!"
Kosim: "Teu baleg!"
(Asep Budi Syafi’i - Bandung)

GAJIH BUTA
+: "Nya gelarna berendel, nya jabatanana loba. Matak meujeuhna Pa Preddy mah beunghar!"
-: "Ari kitu mah anjeunna teh nampi gajih buta."
+: "Hah, gajih buta?"
-: "Buta teh raksasa, lin?"
+: "Sugan teh ka mana losna!"
(Rahmat Iskandar - Bandung)

LEUNGIT
Tatangga Bah Kabayan, basa geus kariaan ngawinkeun budakna teu gugur teu angin ujug-ujug ribut majarkeun teh Si Saddam Husein leungit cenah … kabur meureun. Sarerea kaget, moal enya aya Saddam Husein los-los ka Kota Bandung.
Lila-lila sanggeus katalungtik singhoreng anu ngaran Saddam Husein teh budak leutik umur sabelas taunan minggat ti imahna. Kapanggih-kapanggih teh geus aya di lemburna … di Sumatra. Sarerea gogodeg bari tinggerendeng … ‘Dasar urang sabrang. Leutik-leutik oge geus luasan.’
(Rangga - Bandung)

JUNG BAE
Dodo (ngagerendeng): "Rek ka kidul, rek ka kaler, rek ka wetan, rek ka kulon, rek ka handap … dalah rek ka luhur ge jung bae!"
Didu: "Ka saha, Do?"
Dodo: "Itu, Neng Dine."
Didu: "Naha?"
Dodo: "Lain pamajikan uing ieuh!"
Didu: "Cageur?"
(Yadi Kusmayadi - Bandung)

BOM
Abong jaman bom. Di sisi jalan aya tangkal karamat. Eta tangkal karamat teh ku nu teu nyahoeun mah sok dipake tempat kiih. Ki Kuncen keuheuleun. Jeg, pasang plang gede naker. Unina: Nu Kiih Di Dieu dibom Bobogaanana!
Saprak dipasangan plang eta, tara aya deui nu kiih di dinya!
(Harry Wh. Hariri - Bandung)

NEANGAN BAPA
Budak: "Abdi teh milarian pun bapa. Tos tilu taun teu mulih-mulih."
Pulisi: "Saha ngaranna Bapa teh?"
Budak: "Endut. Pa Endut nu katelah mah."
Pulisi: "Harita basa indit teh rek ka mana cenah?"
Budak: "Angkat janten TKI ka Kutub Utara!"
Pulisi: "Weuh, tong boro ka Kutub Utara … ka Saudi Arabia ge kurang-kurangna mah susah maluruhna!"
(Titin Kurniawati - Bandung) [MANGLE 1936, 23-29 Oktober 2003]

seujung biji salak…

May 25th, 2005

beruang ataupun bukan
sekarang jam 9 - 17 wib
dikeluarkan kepedulian
dicampakkan setengah sadar
lalu jiwa berusung…
addict addict addict addict
you know know know
biji salak ada tiga (yang satu tidak jadi)
berwarna coklat
gambarnya dicopy
dummy the reason
sampul sahaja gerangan apa
list comments, list trackBacks
belum ada, side of me that you didnt know

POHON JAMBU DEPAN RUMAH

May 24th, 2005

berbuah lagi, merah menyala…
lumayan buat ngerujak,
sayang nggak ada yang mau
:’(